31/07/2025

KAPAMINGPINAN PARA BUPATI : Ihtiar Nyungsi Diri Ngalelemah Titincakan

7 min read

Pernyataan Penafian:

‎Seluruh isi, pendapat, dan pandangan yang tertuang dalam tulisan ini merupakan tanggung jawab dan pemikiran pribadi penulis. Tulisan ini tidak dimaksudkan untuk mewakili atau mencerminkan sikap, pendirian, maupun kebijakan resmi dari redaksi Pakusarakan.com atau organisasi AMS.

 

Ku: Basuki Rahmat *)

“Krisis kapamingpinan”, remen kadenge dina alam reformasi kiwari. Rahayat jiga geus cangcaya ka para pamingpina. Boh pamingpin politik, boh pamingpin ekonomi katut pamingpin sosial. Ceuk nu apal disemuna, cirining krisis kapamingpinan teh taya pamingpin nu boga jiwa kapamingpinan nu kuat (strong leadership), teu mibanda jiwa korsa jeung sikep (integritas) nu kuat, euweuh tuladaneun balarea.

Krisis ieu beuki parna ku mahabuna praktek koruptif para pamingpin. Pangaruh pamingpin dina sistem sosial teh kacida pisan gedena. Maranehna ibarat obor kahirupan nu mere energi pikeun parobahan sangkan ajen inajen kahirupan rahayat mingkin ngaronjat. Lain malah jadi bibit berewit keur balarea lantaran pamingpin nu salah metakeun kakawasaana. Codeka, basilat jeung ukur hayang genah ngarinah keur sadirieuna.

Kolot urang baheula teu kurang kurang mere palanggeran mangrupa papagon sikep keur para pamingpin, diantarana: nyaur kudu di ukur, nyabda kudu di unggang; nu lain kudu dilainkeun, nu enya kudu dienyakeun, nu ulah kudu diulahkeun; sacangreud pageuh, sagolek pangkek; kudu nyanghulu ka hukum, nunjang ka nagara, mupakat ka balarea.

Eta sagemblengna mangrupa bahan lenyepanen urang, babakuna keur nu nyangking nagri ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara. Bakal karasa pisan tembresna mun seug papagon karuhun urang eta dipatalikeun jeung poean mieling milangkala Kabupaten Tasikmalaya nu ka 393. Itung itung bahan kontemplasi ceuk basa legegna mah. Malahmandar bisa ngageuing hate nu keur tibra sare sangkan leuwih rancingeus, toweksa, tur amanah.

Jiga ceuk John Quincy Adams, Presiden Amerika ka-6 (1825-1829), “Mun anjeun bisa mere inspirasi ka balarae boga karep jeung cita cita nu alus, bari dibarung ku diajar jeung gawe nu soson soson sangkan bisa tumuwuh leuwih hade batan samemehna, mangka anjeun payus disebut pamingpin, (If your action inspires others to dream more, learn more, do more and become more, you are a leader).

Tanggal ieu, 26 Juli, 393 taun kalarung, Kabupaten Tasikmalaya gumelar ka alam pawenangan. Nalika Ki Wirawangsa, umbul Sukakerta dibenum jadi Mantri Agung di Sukapura kalayan gelar Rd. Tumenggung Wiradadaha.

Hartina, inyana nu boga jiwa satria. Nya Ki Wirawangsa kuanjeun nu gede jasana ngadegkeun pamarentahan di tatar Sukapura. Hiji wilayah tanah perdikan nu dibebaskeun tina seba, merdeka tur otonom. Cogito ergo sum.

Sabada Tumenggung Wiradadaha tilar, tatar sukapura diheuyeuk ku para putrana.

Kacatur Rd. Anggadipa, bupati ka-3 atawa Wiradadaha III, bisa disebut hasil nganteurkeun tatar sukapura jadi pangmajuna mun dibandingkeun jeung kabupaten sejen di Priangan nu dibentuk ku Sultan Agung. Kabupaten nu dimaksud taya lain Bandung jeung Parakanmuncang.

Dina mangsa pamarentahana hubungan antara ulama jeung umaro kawilang raket. Estu anjeuna bisa pisan ngadumaniskeun urusan pamarentahan jeung agama. Munasabah kitu tea mah lantaran mangsa kapamingpinan Wiradadaha III kaaping kajaring ku kersana Kangjeng Syeh Abdul Muhyi ti Pamijahan.

Malahan, putrana kuanjeun, nu engkena jadi Wiradadaha IV, jadi santri kadeuheusna Kangjeng Syeh. Numatak sabada tilar, Wiradadaha IV kaselir ku julukan Dalem Pamijahan.

Dina bab pamarentahan, Wiradadaha III bisa disebut kawilang maju. Anjeuna geus bisa metakeun tata pamarentahan modern dina jamanna. Kakawasaan didelegasikeun atawa didistribusikeun ka patih patihna nu perceka dina widangna.

Kayaning masalah kaamanan jeung karaharjaan diurus ku Rd. Yudanagara, urusan tatanen jeung irigasina diurus ku Rd. Anggadipa, Rd. Somanagara nyekel urusan administrasi. Perkara urusan harta banda nagara diserenkeun ka Rd. Indrataruna.

Walhasil, dina jaman Wiradadaha III, rahayat hirup sukasenang, genah make genah nyanding, rea ketan rea keton, sepi paling towong rampog teh lain ukur sisiwo.

Periode saterusna, bupati Sukapura nu kawilang mibanda prestasi teh nyaeta Rd. Demang Anggadipa II atawa Wiradadaha VIII. Anjeuna kaceluk bupati karismatik, teuneung ludeung nyaah ka rahayat. Perceka dina ngurus lahan tatanen. Sawah lega, pare loba.

Numatak, dina mangsa harita, Kabupaten Sukapura jadi tatagena bahan pangan kabupaten sejen di Priangan nu lahana kaceot ku pepelakan kopi. Waktu pamarentah kolonial boga karep ngaeksploitasi wilayah Sukapura jadi sentra panghasil tarum, Wiradadaha VIII nolak sapacodogan. Anjeuna salempang mun sawah sawah jeung kebon nu aya diganti ku tarum bakal mawa madorot ka balarea, rahayat baris kalaparan.

Ku sikep bahana eta, Wiradadaha VIII dileupas tina kalungguhana. Kabupaten Sukapura leungit tina peta kakawasaan kolonial.

Wilayahna sawareh dihijikeun ka Kabupaten Limbangan, sawareh deui asup ka Kabupaten Sumedang. Sabada pulo Jawa dikawasa ku kolonial Inggris, Raffles, nu nyangking kalungguhan letnan gubernur jenderal, sadar yen Wiradadaha VIII boga karisma; jadi panutan sakabeh rahayat Sukapura. Numatak, taun 1814, Wiradadaha VIII diangkat deui jadi bupati Sukapura. Malahan, wilayah kakawasaana nambah lega. Distrik Galunggung jeung wilayah Galuh Kawasen kuloneun walungan Citanduy asup jadi wilayah Kabupaten Sukapura.

Dina katompernakeun mangsa pamarentahana, tegesna taun 1837, Wiradadaha VIII mindahkeun ibukota Kabupaten Sukapura ti Sukaraja ka Manonjaya. Dipitembeyan ku pangwangunan masjid agung jeung alun alun, nu tepika kiwari masih kasakseni titinggalna.

Nincak abad 20, Distrik Tasikmalaya mingkin mekar. Rel kareta api nu ngahubungkeun Batavia, Bandung, Tasik, Jogja tepi ka Surabaya rengse taun 1894. Ku kituna ieu kota distrik nu memehna kaereh ka Kabupaten Sumedang teh boga ajen strategis.

Tanggal 1 Oktober 1901, Pamarentah Hindia Walanda marentahkeun sangkan puseur dayeuh Kabupaten Sukapura di Manonjaya pindah ka kota Tasikmalaya kiwari.

Numutkeun catetan sejarah, bupati nu mimiti dines di Tasikmalaya nyaeta R.A.A. Wiratanoeningrat. Dina mangsa anjeuna, Kabupaten Sukapura robah ngaran jadi Kabupaten Tasikmalaya. Taun 1913 mangrupa titimangsa Kabupaten Tasikmalaya nincak kana peradaban modern.

Disebut kitu teh lantaran dina jaman Wiratanoeningrat sarana prasarana pikeun sarat hiji ibukota kabupaten modern rengse dibangun.

Ti mimiti pendopo, alun alun, pasar gede—kaasup pusat pertokoanna— jalan jalan di wewengkon kota, katut jalan nu ngahubungkeun kota jeung pelosok di suklakna di siklukna rengse digedean jeung dihadean. Kaasup penerangan jalan, telepon jeung telegraf.

Kitu deui destinasi wisata tempat balarea nyacapkeun kasuka bungah; kayaning: lapang balap kuda Dadaha, pamandian cipanas Galunggung, gedung bioskop, jeung gedung sarana hiburan rahayat sejenna rengse diwangun.

Dina taun 1917, Wiratanoeningrat ngaalpukahan ngadegna koperasi pikeun nangtayungan usaha ekonomi rahayat. Atuh teu mangkuk lila, di Tasik jlug jleg beungkeutan koperasi batik, tinun, anyaman, pertanian jeung perikanan.

Kitu deui dina widang atikan. Kadorong ku sumanget pergerakan nasional, taun 1920 bupati aktif nyokong ngadegna sakola sakola modern pikeun rahayat bumiputra nu dialpukahan ku Paguyuban Pasundan pimpinan Rd. Ahmad Atmadja.

Disagedengeun eta, tradisi hubungan ulama jeung umaro ditumuwuhkeun deui ngaliwatan beungkeutan “Idharu Baitul Muluki Wal Umaro.

Mimiti taun 1925, rahayat dibere kesempetan pikeun milu aub nangtukeun kaputusan nu baris jadi kawijakan pamarentah ngaliwatan Dewan Kabupaten. Ti harita, Kabupaten Tasikmalaya ngajanggelek jadi pamarentahan modern nu demokratis.

Nincak ahir kakawasaan Wiratanoeningrat, wilayah Hindia Walanda nandangan resesi balukar Perang Dunya I. Hal eta nimbulkeun ancaman kalaparan di ditu di dieu; kaasup Kabupaten Tasikmalaya. Kalayan rikat, kangjeng bupati ngeprik rahayat kabupaten Tasikmalaya muka lahan sawah anyar di daerah Lakbok. Teu kurang ti 14.000 hektar sawah anyar di daerah eta hasil dipigawe.

Tarekah kangjeng bupati sukses nganteurkeun Kabupaten Tasikmalaya jadi daerah “Berdaulat Pangan”. Taun 1937, Wiratanoeningrat mulang ka kalanggengan. Sakumna rahayat tatar Tasikmalaya sedih kingkin sungkan ditilar ku panutan jungjunganna.

Gubrag alam kamerdekaan, tepi ka taun genep puluhan katompernakeun, can kacatet deui aya bupati Tasikmalaya nu mibanda prestasi murub mubyar jiga samemehna.

Hal eta bisa jadi lantaran para bupati mangsa ieu museurkeun perhatiana kana urusan kaamanan alatan agresi militer Belanda jeung mahabuna gerakan DI/TII. Wewengkon Tasikmalaya harita jadi basis DI pangkuatna.

Karek sanggeus jaman Orde Baru, waktu kaayaan geus eungkeut-engkeut aman, sistem pamarentahan dibebenah. Kitu deui pangwangunan, babakuna nu aya patalina jeung karaharjaan katut ekonomi rayat.

Dimimitian ti jaman Bupati Kol. Inf. Husein Wangsaatmadja, Drs. Kartiwa Suriasaputra, Letkol Inf. A. Benyamin, Kol. Inf. Hudly Bambang Aruman, Kol. Inf. Adang Roosman tepi ka Kol. Inf. Suljana WH.

Ku lantaran pangwangunan Kabupaten Tasikmalaya jadi sentra tumuwuhna ekonomi Priangan Wetan, sarta ngabalukarkeun komplekna urusan nu kudu diurus ku pamerentah kabupaten, jaman Bupati A. Benyamin (1976-1998), Kota Administratif Tasikmalaya diresmikeun ku Mendagri H. Amir Mahmud. Payung hukumna Peraturan Pemerintah (PP) No. 22 Tahun 1976. Gubernur KDH Tingkat I Jawa Barat, H. Aang Kunaefi, ngistrenan Drs. H. Oman Roesman, jadi Walikota Administratif munggaran.

Saterusna, Bupati Suljana Wirata Hadisubrata, lain wae bupati pamungkas jaman Orde Baru tapi oge bupati pamungkas nu asalna militer di Tasikmalaya sarta diganti ku politisi sipil.

Kungsi kajadian nu matak ngageunjleungkeun, tanggal 26 Desember 1996, ku kapamingpinanana nu kuat, kaayaan bisa gancang diungkulan. Dua taun ti harita, taun 1998, ngageder pamaredih reformasi.

Bupati Suljana ngabentuk Tim Reformasi Kabupaten Tasikmalaya (nu nulis diangkat jadi ketuana). Pemilu 1999, pemilu munggaran jaman reformasi, di Kabupaten Tasikmalaya lumangsung lungsur-langsar tepi ka dipilihna bupati ti sipil: Tatang Farhanul Hakim.

Jaman TFH (nenehna Tatang Farhanul Hakim), status Kotif (kota administratif) Tasikmalaya jadi kota otonom: Kota Tasikmalaya, 17 Oktober 2001. Lima (5) kecamatan di luar Kotif Tasikmalaya dihijikeun ka Kota Tasikmalaya (Kecamatan Kawalu, Mangkubumi, Indihiang, Cibeureum, jeung Kecamatan Tamansari). Di wewengkon sejen mah teu kitu. Upamana wae Kotif Purwokerto di Jawa Tengah diasupkeun deui ka Kabupaten Banyumas.

Kajaba ti eta, jaman TFH, taun 2010, puseur dayeuh Kabupaten Tasikmalaya, ti Kota Tasikmalaya dipindahkeun ka Singaparna. Ngaspal jalan nu tadina make pola lapen nu dianggap olok—boh dina ngaspalna, boh dina miarana— diganti jadi make hotmix. Jalan Papayan-Cikalong, nu panjangna kurang leuwih 60 kilometer digarap dina sataun anggaran.

Dina jaman TFH, anu leuwih fenomenal, muka jalan anyar Ciawi-Singaparna nu panjangna 23 kilometer. Ku nu nulis dianggap minangka pangwangunan nu pangaruhna kacida pisan lega keur kahirupan masarakat, babakuna nu kaliwatan ku jalan Ciawi-Singaparna.

Laju jaman reformasi, jeneng bupati nu holna ti kalangan santri oge ngaganti TFH: Uu Ruzhanul Ulum. Dua entragan Uu mingpin Kabupaten Tasikmalaya, dina ngandidat nu kadua kalina Uu calon tunggal. Di nagara urang, Uu teh calon tunggal bupati nu munggaran. Bupati Uu saterusna dipilih jadi Wakil Gubernur Jawa Barat.

Kitu lalampahan para pamingpin (bupati) di Tasikmalaya, nu dianggap onjoy dina mawa parobahan dina rupa-rupa widang.

Dina mangsa ka hareup, urang ngaharepkeun lahirna pamingpin-pamingpin nu strong leadership. Konstruksi mangsa ka hareup Kabupaten Tasikmalaya, jadi pancen bupati nu ayeuna, Cecep Nur Yakin, nu kawilang penting.

Ku urang ayeuna didagoan karancageana Cecep. Reformasi mere lolongkrang salega-legana ka kepala daerah sangkan leuwih parigel jeung perceka.

Cag!

 

*) Inisiator Panangtuan Hari Jadi Kabupaten TasikmalayaJadi Kabupaten Tasikmalaya

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *